Sabtu, 05 Januari 2019

Naskah MC


Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokaatuh.
Puji nu jadi pamatri dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina kaayaan nu pinuh ku kabagjaan, sarta bungah amarwatasuta sabab urang sadaya masih dipaparin nikmat nu teu kaukur dina ieu kasempetan. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Hatur sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan acara halal bihalal kulawarga smp negeri 14 kota sukabumi. Pamugi ieu silaturahmi teh tiasa nyandak barokah sareng aya dina rido allah swt. Amin.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara halal bihalal smp negeri 14 kota sukabumi, insyaallah bade diruntuykeun:
1.              Bubuka
2.              Ngaoskeun ayat suci al-qur’an
3.              Biantara pangbagea ti pupuhu smp n 14 kota sukabumi
4.              Tausiyah
5.              Du’a
6.              Musafahah
7.              Panutup
Sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku maoskeun basmallah sasarengan.
“bismillahirohmanirohim”.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd kanggo maoskeun ayat suci al-quran, sareng ka kersana ibu Sunarmi, S.Pd kanggo maoskeun saritilawah. Sumangga ka kersana ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd  sareng ibu Sunarmi, S.Pddihaturanan!
Haturnuhun ka ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd  sareng ibu Sunarmi, S.Pd anu parantos maoskeun ayat suci al-qur’an.
Galindeng ayat suci al-qur’an pamugi sing janten cukang lantaran ngocorna rahmat sareng barokah ti gusti nu maha suci ka urang sadaya, amin!
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara salajengna nyaeta biantara pangbagea ti pupuhu SMP Negeri 14 kota sukabumi. Sumangga ka kersana bapa Ujang Supandi, S.Pd, M.M. dihaturanan!
Hatur sewu nuhun ka pupuhu SMP Negeri 14 kota sukabumi, bapa Ujang Supandi, S.Pd. M.M. anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara salajengna nyaeta tausiah, anu baris didugikeun ku kersana bapa Drs. H. Iskandar Nurzen. Ka kersana bapa Drs. H. Iskandar Nurzensumangga dihaturanan!
Haturnuhun ka bapa Drs. H. Iskandar Nurzen anu parantos ngadugikeun tausiahna, pamugi naon anu didugikeun, janten bekel urang sadaya dina milampah kahirupan sangkan bagja dunya sianareng akherat. Amin!
Hadirin, Alhamdulilah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta musafahah, namung sateuacanna minangka rasa syukur ka gusti nu maha gofur, urang pungkas heula ieu acara ku du’a anu baris di dipingpin ku ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pd. Ka kersana ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pdsumangga dihaturanan!
Haturnuhun ka ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pd. anu parantos mingpin du’a dina ieu acara, pamugi rasa syukur urang ka gusti nu maha gofur tiasa ngajantenkeun ieu riungan langkung barokah. Amin!
Hadirin, acara salajengna nyaeta musafahah, sumangga ka sadaya kulawarga SMP Negeri 14 kota sukabumi kanggo silih bebaskeun tina samuda kahilapan lahir sinareng batin.
Hadirin,rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. 
Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.








Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.
Puji nu jadi pamatri dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur, urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina raraga pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Girang pangajén hormateun sim kuring, para tamu uleman hormateun sim kuring, réngréngan panata calagara miwah para patandang pisanggem anu sami-sami dipihormat.
Sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturahmi teh tiasa nyandak barokah sareng aya dina rido allah swt. amin.
Hadirin hormateun sim kuring.
Tema pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda taun 2018 tingkat sma sa-kota sukabumi teh nya eta ngaraksa, ngariksa, jeung ngarumat budaya sunda. Ieu pasanggiri teh minangka tarekah pikeun ngawanohkeun bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda ka para nonoman sirung bangsa sangkan numuwuhkeun rasa reueus dina ngaraksa, ngariksa, jeung ngarumat budaya sunda.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda, insyaallah bade diruntuykeun:
1.      Bubuka
2.      Ngaoskeun ayat suci al-qur’an
(ngaos; MUHAMAD RAFLY, saritilawah; INTAN SELIAWATI)
3.      Ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya
(HANA ZAHRA ZAKIYYAH)
4.      Laporan pupuhu panata calagara
(YAYANG RIDWAN, S.Pd)
5.      Biantara pangbagea ti pupuhu musyawarah kerja kepala sekolah Kota Sukabumi
(ASEP SUKANTA, S.Pd)
6.      Biantara pangbagea ti pupuhu kantor cabang dinas provinsi jawa barat anu baris muka acara pasanggiri bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda.
(Dr. MIMIN MARYATI, M. M.Pd) / (                                                                )
7.      Du’a
(DEDE RUSKA, S.Pd)
8.      Panutup
Sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku maoskeun basmallah, bismilahirohmanirohim.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka kersana.................................
Kanggo maoskeun ayat suci al-qur’an. Sumangga dihaturanan!
Galindeng ayat suci al-qur’an pamugi janten cukang lantaran ngocorna rohmat sareng barokahna allah swt ka urang sadayana. Amin.
Hadirin, acara salajengna pangbagea ti.......................
Sumangga ka kersana.....................................................................dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka...................
Anu parantos ngadugikeun pangbageana.
Hadirin, alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka tawis sukur, sumangga urang ngadu’a sasarengan sangkan acara pasanggiri bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda lumangsung kalayan lancar. Sumangga ka kersana...........
Rupina sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, mugia ditawakup. Wilujeng tandang makalangan.. hurip sunda!
Bilahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb


 


Naskah Biantara


NASKAH BIANTARA


NGAWEWEGAN KARAKTER NONOMAN SUNDA

Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.
Puji nu jadi pamatri dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur, urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina ieu kasempetan. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Girang pangajén hormateun sim kuring, para tamu uleman hormateun sim kuring, réngréngan panata calagara miwah para patandang pisanggem anu sami-sami dipihormat.
Sanajan sim kuring laif kupangarti tuna kupangabisa, nanging kajurung ku kahoyong hoyong ngiring jadi patandang malar aya manpaatna kanggo urang sadaya salaku generasi anu aranom.
Hadirin hormateun sim kuring.
Saupami urang niténan dina kahirupan sapopoé, urang Sunda geus loba anu teu bisa némbongkeun karakter nonoman Sunda. Ieu hal dibalukarkeun pangaruh tina kamekaran budaya deungeun, anu ngarobah karakter nonoman Sunda jadi poho kana purwadaksina. Loba anggapan yén, saupama hirup henteu bisa ngigeulan jaman, hartina tinggaleun jaman, henteu gaul, sarta dianggap manusa jaman heubeul. Salila cicing jeung nyeuseup aci-acining ki Sunda, meureun geus sakuduna urang salaku urang Sunda anu mertahankeun karakter nonoman Sunda anu nyunda. Lamun lain ku urang salaku urang Sunda rék ku saha deui? Ulah nepika karakter nonoman Sunda téh ngan saukur jadi carita atawa dongéng dina ieu kahirupan, lantaran geus euweuh anu makéna.


Hadirin hormateun sim kuring.
karakter nonoman Sunda anu nyunda téh kudu pageuh ngamalkeun opat perkara nya éta kudu pengkuh agamana, luhur élmuna, jembar budayana jeung rancagé gawéna. Kahiji, pengkuh agamana téh mangrupa kualitas religi manusa dina migawé syariat agama saluyu jeung ajaran sarta aqidah agama. Kadua, luhung élmuna, manusa anu miboga tingkat pangaweruh anu luhung dina nyingkahan pasualan kahirupan, ngawasa élmu téknologi, pinter, sarta mampu jadi manusa unggul. Katilu, jembar budayana mangrupa kualitas kacerdasan émosi, manusa kudu miboga pangaweruh anu jembar, wijaksana, sarta miboga ajén dina ngaraksa tur ngariksa budaya. Kaopat,rancagé gawéna mangrupa kualitas manusa anu kudu aktif, kreatifsartainovatif dina nyaluyukeun jeung kamekaran jaman.
Hadirin hormateun sim kuring.
Numutkeun Yayat Sudaryat dosen Budaya jeung Basa Sunda di UPI, manusa Sunda téh kudu bisa ngawasa Gapura pancawaluya (gerbang lima kasampurnaan). Salaku manusa anu nyunda, kudu mageuhan karakter nonoman Sunda. Urang Sunda geus sakuduna cageur, bageur, bener, pinter, singer, tur pangger. Gapura pancawaluya téh bisa kawujud dina interaksi, salaku mahluk sosial anu silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Silih asah, salaku manusa kudu silih nambahan élmu pangaweruh jeung pangalaman pikeun jadi manusa unggul dina sagala widang, boh dina widang kognisi, afeksi, spiritual, sarta psikomotor. Silih asih salaku manusa kudu mikanyaah ka sasama. Silih asuh salaku manusa kudu ngajaga, nuntun, sarta ngaping dina ngahontal tujuan sangkan salamet lahir batin dunya akhérat.
Hadirin hormateun sim kuring.
Dina ngawangun karakter nonoman Sunda téh teu bisa ngan saukur diucapkeun dina lisan hungkul, tapi kudu dibarengan ku tékad anu baris dipilampah ku kalakuan. Naha bisa urang salaku nonoman Sunda ngawewegan karakter urang Sunda dina kamekaran jaman mangsa kiwari? Kudu bisa, pasti bisa, saupama urang salaku nonoman Sunda pinter dina mertahankeun rasa reueus kana karakter étika urang Sunda. Ceuk paribasa téa mah kudu bisa ngindung ka usum ngabapa ka jaman. Hayu urang sami-sami ngawewegan karakter nonoman Sunda anu pengkuh agamana, luhur élmuna, jembar budayana jeung rancagé gawéna. Lian ti éta urang ogé salaku nonoman Sunda kudu cageur, bageur, bener, pinter, singer, tur pangger sangkan bisa ngawujudkeun silih asah, silih asih, jeung silih asuh dina ngawangun lingkungan masarakat Sunda anu ngahontal karahayuan.
Hadirin hormateun sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita, sim kuring neda dihapunten ka sadayana, ti luhur satungtung buuk ti handap sahibas dampal, dampak suku jisim kuring. Margi da moal henteu, aya basa anu resag aya catur anu mawur, pondok nyogok panjang nyugak, agung cukup lumur nu kasuhun jembar hampura nu kateda. Cag!
Wassalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokaatuh.



puisi Guruku Duniaku Karya Agustyn Elsa


Guruku Duniaku
Karya Agustyn Elsa

Dalam gelap hitam pekat
Tanpa mengenal warna
Biru, kuning, merah, hijau
Hanya hitam pekat
Tanpa goresan tulisan
Huruf dan angka
Tanpa bacaan
Bahkan tiada jendela kehidupan
Sejuta anganku
Harapku
Menggenggam dunia penuh warna
Menancapkan cakarku
Mengarungi samudera kehidupan
Mengharumkan bangsaku
Membanggakan keluargaku
Dengan ilmu pengetahuan
Dan prestasi yang diraihku
Diawali dengan senyum seindah surya
Mengusap dengan goresan tinta kehidupan
Menggerakan jiwa yang telah lama diam
Meruntuhkan kebodohan,
Kemiskinan,
Kekurangan,
Ketidakberdayaan
Melantunkan cinta yang penuh harap
Tiada batas dalam ruang dinding
Tak lelah dalam hentakan langkah
Tanpa batas kasihmu
Tak lelah dalam hembusan nafas
Dalam sujudku
Berikan Syurga terindah
Untukmu guruku!
Sukabumi, Desember 2018

sajak KANYAAH INDUNG JEUNG BAPA



AGUSTYN

Kahatur kanggo indung nu ngandung, sarta bapa nu ngayuga
Henteu kendat-kendat ngadu’akeun dina unggal renghapna
Maparin pangrojong ku kanyaah nu taya tandinganana
Ngaping sarta ngajaring salawasna
Nyimbeuhan diri dina galih anu wening
Renghap ranjug indung antara hirup jeung pati
Bajoang ngababarkeun budak anu dipupusti
Kamelang jeung hariwang nu jadi bapa taya watesna
Ngadu’a ka nu kawasa sangkan budak rahayu ka alam dunya
Sora ceurik budak nu ngajerit
Dipapag ku sora azan anu dikumandangkeun ku bapa
Diusap bari tuluy ditangkep sarta dibarengan ku cirembay ci panon kabungah indung
Kacida bungah jeung bagja nu dirasa
Indung ngaraksa tur ngajaring
Diaping, dipikameumeut, sarta dipikadeudeuh ku usap kanyaah sangkan budak geura gede
Ditiupan, dipupusti ku du’a nu tulus suci ka nu maha kawasa sangkan budak luhur darajat
Ayeuna budak geus ngarti ku pangarti
Ayeuna budak geus dibekelan ku pangabisa
Tapi geus atra katempo kolot geus rarempo
Ayeuna kolot geus teu walakaya
Asa can kungsi bisa mulang tarima ka kolot
Asa can kungsi bisa ngabungahkeun hate kolot
Asa can kungsi bisa ngangkat harkat darajat kolot
Asa can kungsi bisa mere kabungah nu nyurucudkeun cimata rasa bungah kolot
Hampura, hampura
Kuring ngan bisa ngerakeun indung jeung bapa
Kuring ngan bisa nyieun rungsing indung jeung bapa
Kuring ngan bisa mere kamelang indung jeung bapa
Hampura, hampura
Kanyaah indung jeung bapa moal bisa diganti ku saeusi dunya
Indung nyegruk ceurik ningali kuring kasampak geuring
Indung ngahelas jeung nalangsa ningali polah goreng kuring
Bapa nu salawasna ngabebener lengkah jeung paripolah kuring
Indung nu ngupahan dina unggal kasedih kuring
Kanyaah nu taya tandinganana
Gusti
Tancebkeun dina jajantung kuring kanyaah indung jeung bapa
Kamalirkeun dina rudira kuring ngaran indung jeung bapa
Raksa dina galih anu wening sangkan kuring
Bisa ngangkat harkat darajat indung jeung bapa kuring nu salawasna pinuh kabagjaan dina nyorang kahirupan