NASKAH BIANTARA
NGAWEWEGAN
KARAKTER NONOMAN SUNDA
Puji nu jadi pamatri
dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita
urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur,
urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat
sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina
ieu kasempetan. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor
ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw,
ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang
sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Girang pangajén
hormateun sim kuring, para tamu uleman hormateun sim kuring, réngréngan panata
calagara miwah para patandang pisanggem anu sami-sami dipihormat.
Sanajan sim kuring laif
kupangarti tuna kupangabisa, nanging kajurung ku kahoyong hoyong ngiring jadi
patandang malar aya manpaatna kanggo urang sadaya salaku generasi anu aranom.
Hadirin hormateun sim
kuring.
Saupami urang niténan dina
kahirupan sapopoé, urang Sunda geus loba anu teu bisa némbongkeun karakter
nonoman Sunda. Ieu hal dibalukarkeun pangaruh tina kamekaran budaya deungeun,
anu ngarobah karakter nonoman Sunda jadi poho kana purwadaksina. Loba anggapan
yén, saupama hirup henteu bisa ngigeulan jaman, hartina tinggaleun jaman,
henteu gaul, sarta dianggap manusa jaman heubeul. Salila cicing jeung nyeuseup
aci-acining ki Sunda, meureun geus sakuduna urang salaku urang Sunda anu
mertahankeun karakter nonoman Sunda anu nyunda. Lamun lain ku urang salaku
urang Sunda rék ku saha deui? Ulah nepika karakter nonoman Sunda téh ngan
saukur jadi carita atawa dongéng dina ieu kahirupan, lantaran geus euweuh anu
makéna.
Hadirin hormateun sim
kuring.
karakter nonoman Sunda
anu nyunda téh kudu pageuh ngamalkeun opat perkara nya éta kudu pengkuh agamana,
luhur élmuna, jembar budayana jeung
rancagé gawéna. Kahiji, pengkuh
agamana téh mangrupa kualitas religi manusa dina migawé syariat agama saluyu
jeung ajaran sarta aqidah agama. Kadua, luhung élmuna, manusa anu miboga
tingkat pangaweruh anu luhung dina nyingkahan pasualan kahirupan, ngawasa élmu
téknologi, pinter, sarta mampu jadi manusa unggul. Katilu, jembar budayana
mangrupa kualitas kacerdasan émosi, manusa kudu miboga pangaweruh anu jembar,
wijaksana, sarta miboga ajén dina ngaraksa tur ngariksa budaya. Kaopat,rancagé
gawéna mangrupa kualitas manusa anu kudu aktif,
kreatifsartainovatif dina
nyaluyukeun jeung kamekaran jaman.
Hadirin hormateun sim
kuring.
Numutkeun Yayat
Sudaryat dosen Budaya jeung Basa Sunda di UPI, manusa Sunda téh kudu bisa
ngawasa Gapura pancawaluya (gerbang lima kasampurnaan). Salaku manusa anu
nyunda, kudu mageuhan karakter nonoman Sunda. Urang Sunda geus sakuduna cageur,
bageur, bener, pinter, singer, tur pangger. Gapura pancawaluya téh bisa kawujud
dina interaksi, salaku mahluk sosial anu silih asah, silih asih, jeung silih
asuh. Silih asah, salaku manusa kudu silih nambahan élmu pangaweruh jeung
pangalaman pikeun jadi manusa unggul dina sagala widang, boh dina widang kognisi, afeksi, spiritual, sarta psikomotor. Silih asih salaku manusa
kudu mikanyaah ka sasama. Silih asuh salaku manusa kudu ngajaga, nuntun, sarta
ngaping dina ngahontal tujuan sangkan salamet lahir batin dunya akhérat.
Hadirin hormateun sim
kuring.
Dina ngawangun karakter
nonoman Sunda téh teu bisa ngan saukur diucapkeun dina lisan hungkul, tapi kudu
dibarengan ku tékad anu baris dipilampah ku kalakuan. Naha bisa urang salaku
nonoman Sunda ngawewegan karakter urang Sunda dina kamekaran jaman mangsa kiwari?
Kudu bisa, pasti bisa, saupama urang salaku nonoman Sunda pinter dina
mertahankeun rasa reueus kana karakter étika urang Sunda. Ceuk paribasa téa mah
kudu bisa ngindung ka usum ngabapa ka jaman. Hayu urang sami-sami ngawewegan
karakter nonoman Sunda anu pengkuh agamana, luhur élmuna, jembar budayana jeung
rancagé gawéna. Lian ti éta urang ogé salaku nonoman Sunda kudu cageur, bageur,
bener, pinter, singer, tur pangger sangkan bisa ngawujudkeun silih asah, silih
asih, jeung silih asuh dina ngawangun lingkungan masarakat Sunda anu ngahontal
karahayuan.
Hadirin hormateun sim
kuring.
Panutup catur pamungkas
carita, sim kuring neda dihapunten ka sadayana, ti luhur satungtung buuk ti
handap sahibas dampal, dampak suku jisim kuring. Margi da moal henteu, aya basa
anu resag aya catur anu mawur, pondok nyogok panjang nyugak, agung cukup lumur
nu kasuhun jembar hampura nu kateda. Cag!
Wassalamu’alaikum
Warohmatullahi Wabarokaatuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar