AGUSTYN
Kahatur
kanggo indung nu ngandung, sarta bapa nu ngayuga
Henteu
kendat-kendat ngadu’akeun dina unggal renghapna
Maparin
pangrojong ku kanyaah nu taya tandinganana
Ngaping sarta ngajaring salawasna
Nyimbeuhan diri dina galih anu wening
Renghap ranjug indung antara hirup
jeung pati
Bajoang ngababarkeun budak anu
dipupusti
Kamelang
jeung hariwang nu jadi bapa taya watesna
Ngadu’a
ka nu kawasa sangkan budak rahayu ka alam dunya
Sora
ceurik budak nu ngajerit
Dipapag
ku sora azan anu dikumandangkeun ku bapa
Diusap
bari tuluy ditangkep sarta dibarengan ku cirembay ci panon kabungah indung
Kacida
bungah jeung bagja nu dirasa
Indung ngaraksa tur ngajaring
Diaping, dipikameumeut, sarta
dipikadeudeuh ku usap kanyaah sangkan budak geura gede
Ditiupan, dipupusti ku du’a nu tulus
suci ka nu maha kawasa sangkan budak luhur darajat
Ayeuna
budak geus ngarti ku pangarti
Ayeuna
budak geus dibekelan ku pangabisa
Tapi
geus atra katempo kolot geus rarempo
Ayeuna
kolot geus teu walakaya
Asa
can kungsi bisa mulang tarima ka kolot
Asa
can kungsi bisa ngabungahkeun hate kolot
Asa
can kungsi bisa ngangkat harkat darajat kolot
Asa
can kungsi bisa mere kabungah nu nyurucudkeun cimata rasa bungah kolot
Hampura,
hampura
Kuring ngan bisa ngerakeun indung jeung
bapa
Kuring ngan bisa nyieun rungsing indung
jeung bapa
Kuring ngan bisa mere kamelang indung
jeung bapa
Hampura, hampura
Kanyaah
indung jeung bapa moal bisa diganti ku saeusi dunya
Indung
nyegruk ceurik ningali kuring kasampak geuring
Indung
ngahelas jeung nalangsa ningali polah goreng kuring
Bapa
nu salawasna ngabebener lengkah jeung paripolah kuring
Indung
nu ngupahan dina unggal kasedih kuring
Kanyaah
nu taya tandinganana
Gusti
Tancebkeun dina jajantung kuring
kanyaah indung jeung bapa
Kamalirkeun dina rudira kuring ngaran
indung jeung bapa
Raksa dina galih anu wening sangkan
kuring
Bisa ngangkat harkat darajat indung
jeung bapa kuring nu salawasna pinuh kabagjaan dina nyorang kahirupan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar