Sabtu, 05 Januari 2019

Naskah MC


Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokaatuh.
Puji nu jadi pamatri dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina kaayaan nu pinuh ku kabagjaan, sarta bungah amarwatasuta sabab urang sadaya masih dipaparin nikmat nu teu kaukur dina ieu kasempetan. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Hatur sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan acara halal bihalal kulawarga smp negeri 14 kota sukabumi. Pamugi ieu silaturahmi teh tiasa nyandak barokah sareng aya dina rido allah swt. Amin.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara halal bihalal smp negeri 14 kota sukabumi, insyaallah bade diruntuykeun:
1.              Bubuka
2.              Ngaoskeun ayat suci al-qur’an
3.              Biantara pangbagea ti pupuhu smp n 14 kota sukabumi
4.              Tausiyah
5.              Du’a
6.              Musafahah
7.              Panutup
Sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku maoskeun basmallah sasarengan.
“bismillahirohmanirohim”.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd kanggo maoskeun ayat suci al-quran, sareng ka kersana ibu Sunarmi, S.Pd kanggo maoskeun saritilawah. Sumangga ka kersana ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd  sareng ibu Sunarmi, S.Pddihaturanan!
Haturnuhun ka ibu Laila Nurul Ulpah, S.Pd  sareng ibu Sunarmi, S.Pd anu parantos maoskeun ayat suci al-qur’an.
Galindeng ayat suci al-qur’an pamugi sing janten cukang lantaran ngocorna rahmat sareng barokah ti gusti nu maha suci ka urang sadaya, amin!
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara salajengna nyaeta biantara pangbagea ti pupuhu SMP Negeri 14 kota sukabumi. Sumangga ka kersana bapa Ujang Supandi, S.Pd, M.M. dihaturanan!
Hatur sewu nuhun ka pupuhu SMP Negeri 14 kota sukabumi, bapa Ujang Supandi, S.Pd. M.M. anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara salajengna nyaeta tausiah, anu baris didugikeun ku kersana bapa Drs. H. Iskandar Nurzen. Ka kersana bapa Drs. H. Iskandar Nurzensumangga dihaturanan!
Haturnuhun ka bapa Drs. H. Iskandar Nurzen anu parantos ngadugikeun tausiahna, pamugi naon anu didugikeun, janten bekel urang sadaya dina milampah kahirupan sangkan bagja dunya sianareng akherat. Amin!
Hadirin, Alhamdulilah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta musafahah, namung sateuacanna minangka rasa syukur ka gusti nu maha gofur, urang pungkas heula ieu acara ku du’a anu baris di dipingpin ku ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pd. Ka kersana ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pdsumangga dihaturanan!
Haturnuhun ka ibu Dra. Hj. Citawati, M.Pd. anu parantos mingpin du’a dina ieu acara, pamugi rasa syukur urang ka gusti nu maha gofur tiasa ngajantenkeun ieu riungan langkung barokah. Amin!
Hadirin, acara salajengna nyaeta musafahah, sumangga ka sadaya kulawarga SMP Negeri 14 kota sukabumi kanggo silih bebaskeun tina samuda kahilapan lahir sinareng batin.
Hadirin,rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. 
Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.








Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.
Puji nu jadi pamatri dina ati urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, puja minangka bubuka carita urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, rawuh sukur minangka pangjurung catur, urang sanggakeun ka Nu Maha Gofur, réhna urang sadaya masih dipaparin rohmat sareng hidayahNa, tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok patepang raray dina raraga pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda. Teu hilap sholawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka Nabi jungjunan alam nyatana Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabiin tabiinna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu insyaallah turut tumut ka ajaran Mantenna. Amin.
Girang pangajén hormateun sim kuring, para tamu uleman hormateun sim kuring, réngréngan panata calagara miwah para patandang pisanggem anu sami-sami dipihormat.
Sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun ka bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturahmi teh tiasa nyandak barokah sareng aya dina rido allah swt. amin.
Hadirin hormateun sim kuring.
Tema pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda taun 2018 tingkat sma sa-kota sukabumi teh nya eta ngaraksa, ngariksa, jeung ngarumat budaya sunda. Ieu pasanggiri teh minangka tarekah pikeun ngawanohkeun bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda ka para nonoman sirung bangsa sangkan numuwuhkeun rasa reueus dina ngaraksa, ngariksa, jeung ngarumat budaya sunda.
Hadirin hormateun sim kuring.
Acara pasanggiri apresiasi bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda, insyaallah bade diruntuykeun:
1.      Bubuka
2.      Ngaoskeun ayat suci al-qur’an
(ngaos; MUHAMAD RAFLY, saritilawah; INTAN SELIAWATI)
3.      Ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya
(HANA ZAHRA ZAKIYYAH)
4.      Laporan pupuhu panata calagara
(YAYANG RIDWAN, S.Pd)
5.      Biantara pangbagea ti pupuhu musyawarah kerja kepala sekolah Kota Sukabumi
(ASEP SUKANTA, S.Pd)
6.      Biantara pangbagea ti pupuhu kantor cabang dinas provinsi jawa barat anu baris muka acara pasanggiri bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda.
(Dr. MIMIN MARYATI, M. M.Pd) / (                                                                )
7.      Du’a
(DEDE RUSKA, S.Pd)
8.      Panutup
Sumangga ieu acara urang buka sasarengan ku maoskeun basmallah, bismilahirohmanirohim.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka kersana.................................
Kanggo maoskeun ayat suci al-qur’an. Sumangga dihaturanan!
Galindeng ayat suci al-qur’an pamugi janten cukang lantaran ngocorna rohmat sareng barokahna allah swt ka urang sadayana. Amin.
Hadirin, acara salajengna pangbagea ti.......................
Sumangga ka kersana.....................................................................dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka...................
Anu parantos ngadugikeun pangbageana.
Hadirin, alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka tawis sukur, sumangga urang ngadu’a sasarengan sangkan acara pasanggiri bahasa, sastra, aksara, jeung seni Sunda lumangsung kalayan lancar. Sumangga ka kersana...........
Rupina sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, mugia ditawakup. Wilujeng tandang makalangan.. hurip sunda!
Bilahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb


 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar