Puisi
biasa disebut ogé karangan wangun ugeran. Disebut wangun ugeran lantaran kauger
ku wangunna jeung diksina kayaning pilihan kecap, gabungan kecap, ungkara
kalimah, jeung sajabanna. Biasana rakitanana leubeut ku wirahma, lain dina
ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa (karangan wangun
lancaran).
Dina
puisi buhun umumna ugeran teh leuwih nyoko kana wangunna. Upamana baé aya
patokan-patokan anu disebut guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina
sapadana, jeung purwakanti. Diksi utamana dipaké pikeun nyumponan éta patokan.
Sedengkeun dina puisi modern saperti sajak, ugeran téh leuwih nyoko kana diksi
jeung wirahmana. Taya patokan anu disebut guru lagu, guru wilangan, atawa
jumlah padalisan dina sapadana.
Wirahma
nya éta lalawanan sora luhur-handap, tarik-laun, panjang-pondok, kalawan
mindeng tur teratur. Dina milih-milih ungkara basa jeung ngudag wirahma,
mindeng kapanggih ungkara basa anu teu ilahar, boh kekecapanna boh adegan
basana. Timbul wé istilah licencia
poetika anu ngawenangkeun panyajak pikeun ngarempak aturan basa anu ilahar.
Puisi
Sunda réa rupana, tur bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Dumasar
kana waktu gumelarna, aya puisi buhun jeung puisi modern. Puisi buhun bisa
dipasing-pasing deui dumasar kana eusina, aya nu ngawujud lalakon nya éta
carita pantun jeung wawacan, aya anu henteu ngawujud lalakon kayaning mantra,
sisindiran, kakawihan, pupujian, jeung guguritan. Ari puisi modern nya éta
sajak bebas anu kiwari cukup disebut sajak baé.
Wangun
sajak dina sastra Sunda téh aya dua rupa, nya éta sajak bébas jeung sajak
kauger. Wangun sajak kayaning carita pantun, sisindiran, jangjawokan, mantra
jeung sajabanna geus gelar ti barang manusa Sunda aya, ngan teu bisa
dipastikeun iraha-irahana mah. Sabada aya pangaruh ti kulon, wangun sajak bebas
sumarambah nambahan kabengharan sastra Sunda, tegesna sabada Indonesia merdéka.
Sajak mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia anu asalna ti Eropa (Rosidi 1966:55).
Mimitina
mah wangun sajak bébas téh teu ditarima ku pangarang entragan kolot kalawan
rupa-rupa alesan. Tapi lila-lila mah ditarima ogé. Ajip Rosidi (1989:90) ngabéjérbéaskeun
kaayaan sajak katut basa Sunda nu digunakeunnana dina taun 1950an. Basa Sunda
nu dipaké harita (boh lisan boh tinulis, utamana dina sajak) ku angkatan ngora,
dianggap basa Sunda nu ramijud ku angkatan kolot. Otomatis tulisannana ogé teu
pati dihargaan. Komo deui tulisan-tulisan dina wangun sajak (bébas) nu jaman
harita dianggap pangaruh tina kasusastraan Indonesia (ceuk Ajib keneh). Tapi nu
narulis sajak téh, kayaning Sayudi, Surachaman RM, Ayat Rohaedi, Odji Setiadji
A.R., Yus Rusyana, Wahyu Wibisana, jeung nu séjénna (nu harita ngora kénéh)
angger pengkuh kana pamadegannana, tetep neruskeun karep maranéhna.
Dina
taun 1952 kungsi ramé polemik ngeunaan sajak. Salah saurang panyajak nu
ngakukeun ti Sunda nyerang wangunan sajak nu dimuat dina majalah-majalah.
Puncakna lumangsung dina taun 1955, waktu Wahyu Wibisana nulis artikel ngeunaan
sajak dina majalah Warga, sarta disanggah ku Yuyu Yuliati. Aya sababaraha
alesan pangna karangan wangun sajak bébas harita di tolak, di antarana :
1. Mangrupa
pangaruh sastra deungeun, lain bibit buit sastra Sunda;
2. Henteu
luyu jeung susunan basa sarta kaayaan urang Sunda;
3. Hésé
dihartikeunana;
4. Henteu
boga patokan anu tangtu saperti dangding;
5. Taya
bédana jeung wangun lancaran anu dijejer-jejer.
Anu
mimiti nulis sajak bébas dina basa Sunda nya éta Kiswa Wiriasasmita anu
inisialna Kis WS, jeung Kadir Tisna Sujana anu inisialna KTS. Kis WS mimiti
nulis sajak dina taun 1946 sedengkeun KTS dina taun 1949 dina sipatahunan.
Wahyu Wibisana mimiti nulis sajak dina taun 1954 sabada sajak populer (Rosidi,
1966:59).
Wangun
sajak bébas mimiti hirup dina majalah jeung kalawarta, sarua jeung carita pondok,
tapi kadieunakeun mah aya ogé anu diterbitkeun mangrupa buku, diantarana Lalaki
Di Tegal Pati karangan Sayudi (Kiwari 1963, Rahmat Sijulang 1985).
Salian
ti dina wangun buku, sajak ogé dimuat dina antologi kanjut kundang nu disusun
ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun
1963.
Sajak
téh nya éta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku
patokan-patokan. Nu matak sok disebut ogé sajak bébas. Bébas didinya tangtuna
ogé rélatif. Upamana dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun
pupuh, jelas sajak mah leuwih bébas. Sajak nu teu kauger ku jumlah padalisan
dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina
unggal padalisan.
Upama
dibandingkeun jeung sisindiran sajak mah henteu kudu kauger ku cangkang jeung
eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah henteu kauger ku pilihan
kecap anu ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun (diucapkeun, dipapatkeun)
pikeun tujuan-tujuan khusus anu patali jeung kapercayaan.
Dina
kamekaranana, tétéla sajak téh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak téh bisa
disebut wangun puisi pangpopulérna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat dina
majalah jeung surat kabar Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Mémang umumna buku
kumpulan puisi Sunda mah mangrupa kumpulan sajak nu saméméhna geus dimuat dina
surat kabar atawa majalah.
Panyajak
Sunda anu karya-karyana geus dibukukeun, di antarana:
1. Sayudi
: Lalaki di Tegal Pati.
2. Ajip
Rosidi : Janté Arkidam.
3. Yus
Rusyana : Nu Mahal Tibatan Inten.
4. Surachman
RM : Surat Kayas, Basisir Langit.
5. Ayatrohaédi
: Pamapag, di Kebon Binatang.
6. Yayat
Hendayana : Katiga
7. Rachmat
M. Sas. Karana : Tepung di Bandung, Ombak Laut kidul, Surat Panjang ti
Cijulang.
8. Usep
Romli HR : Sabelas Taun.
9. Taufik
Faturohman : Sajak-sajak Cilauteureun, Wasiat Konglomerat.
1. Juniarso Ridwan : Lalaki Langit.
11. Godi Swarna : Jagat Alit, Surat-Surat Kaliwat,
Blues Kere Lauk.
12. Eddy D. Iskandar : Nu Ngaronghéap Mangsa
Surup, Jamparing, Kasidah Langit.
13. Etti RS : Jamparing, Gondewa, Maung Bayangan.
14. Hasan Wahyu Atma Kusuma : Umbul-umbul ti Alak
Paul.
15. Dedy Windyagiri : Jamparing Hariring
16. Yoseph H. Iskandar : Tumbal.
17. Wahyu Wibisana : Aya Naon di Cinaon.
Nu
mangrupa antologi:
1. Antologi
puisi Sunda mutahir : Juniarso Ridwan, Spk.
2. 100
sajak Sunda : Abdullah Mustappa
3. Sajak
Sunda 50 taun Indonesia merdeka : Abdullah Mustappa, Spk.
4. Kanjut
kundang, dihijikeun jeung carita pondok katut sempalan novél: Ajip Rosidi,
jeung Rusman Sutia Sumarga.
5. Salumar
sastra, dihijikeu jeung carita pondok katut essey, mangrupa kumpulan pinunjul “
Hadiah sastra LBSS”: Wahyu Wibisana, Spk.
Panyajak
Sunda séjénna di antarana : Acep Zam-zam Noor, Soni Farid Maulana
(sajak-sajakna geus dikumpulkeun jadi buku), Ano Karsana, Hadi AKS, Abdullah Mustoppa,
Kis WS, Dodong Jiwa praja, Yous Hamdan, Apip Mustoppa, Ami Raksanagara, Karno
Kartadibrata, Chye Retty Isnendes, Nita Widyati Efsa, Boni Setia, Iyas Heryana,
Rosyid E Abby, jeung lian-lianna deui.
DAFTAR
PUSTAKA
Tamsyah,
Budi Rahayu.Spk. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung : Pustaka Setia
Ruhaliah.
2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung : Wahana Karya Grafika
Tidak ada komentar:
Posting Komentar